KAMANA SOBAT ABDI NU KEUR BAHEULA?
Kamana
sobat abdi nu keur baheula ?
Awal
asup sakola awal jadi budak sakola SMA, abdi teu wawuh ka jalmi – jalmi nu aya
di sakitar abdi.
Lila
kalilaan saling wawuh nepi ka jadi deukeut jeung salah saurang jalmi nu ayeuna
ku abdi di sebut “SOBAT”
Ngaran abdi teh Nita Iswana nu osok
disebut Ita atawa Nita, abdi the sakola di SMA 78 Bandung. Abdi gaduh hiji
sobat anu daria deukeut jeung abdi ti awal asup SMA 78 Bandung nepi ka ayeuna.
Ngaran manehna teh Erna nu biasa disebut Ena atawa Erna ge tiasa. Unggal poe
lamun arek kamana mana pasti bareng wae jeung si Erna teh. Mulai ti ulin, uih
sakola, ngerjakeun tugas sakola, ka kantin, gaduh ekskul nu sarua jeung
sajabana. Sakabehna teh pasti sarua wae jeung manehna.
Isuk
– isuk… sateuacan abdi angkat sakola aya sms ti Erna nu eusina
“
Nit bade bareng teu angkat sakolana ? “
Ku
abdi di bales “ enya Na bareng we.”
Enya
, unggal poe teh abdi sareng Erna osok bareng wae angkat sakolana nepi ka
babaturan disakolaan teh nyebutkeun abdi sareng Erna kembar. Sok hoyong seuri
lamun aya nu salah nyebutkeun ngaran nu kuduna ngaran Nita jadi Erna, Nu kuduna
Erna jadi Nita. Batur teh sok tibalik nyebutkeun ngaran abdi sareng Erna da
saking deukeutna abdi sareng Erna teh, kamana mana teh duaan we kos paribasa
jelema kembar “ okos pinang nu dibeulah dua “ sareng paribasa “ aya gula aya
sireum “ nya kos kitulah abdi sareng Erna. Batur – batur disakolaan nyahoeun
lamun aya abdi pasti aya si Erna, lamun aya si Erna pasti aya abdi.
Tapi
aya oge sobat abdi nu sejen ti kelas – kelas nu sejen. Ngaran maranehna nyaeta
Ian, Iwan, Ata, Ratna, sareng Lia. Arurang teh sok ulin babarengan lamun unggal
uih sakola teh pasti ulin ka imah salah sahiji ti geneupan eta teh. Teu pernah
kalewat hiji poe teu ulin jeung sobat – sobat abdi teh.
Lamun
geus karumpul jeung eta barudak teh pasti sok poho ka waktu, sok picengireun
oge lamun ningali si Ata jeung si Ratna raribut wae. Lamun si Iwan jeung si Ian
mah ngaromongkeun awewe nu dipikaresepna wae. Lamun si lia, manehna mah cicing
wae lamun arurang cecengiran ge manehna mah ngan seuri wungkul. Nah lamun urang
jeung si Erna the bisa disebut sodara kembar atanapi soulmate ge bisalah
kusabab hampir kabeh sarua jeung manehna.
Bandung,26
Juni 2012
Anjeun eta salah saurang nu tiasa
naghibur abdi keur poe – poe abdi nu kosong
Tapi anjeun oge tiasa ngajieun abdi
ngarasa kecewa keur poe – poe abdi hampa
Kunaon
?
Aya
naon ?
Hiji prinsip abdi…..
Hiji nu diidamkeun…..
Nyaeta gaduh imam nu cerdas mbeh
berguna pikeun abdi sareng kaluargi anjeun
Atanapi anjeun teu sarua jeung jalmi
– jalmi nu sejen
Anjeun bebas teu aya aturan…..
Anjeun bebas teu aya larangan…..
Tanggal
26 Juni 2021… poe kemis tepatna, saenggeus abdi uih sakola abdi nuliskeun
tentang eusi hate abdi ka salah saurang lalaki nu keur deukeut jeung abdi.
Abdi
sieun papisah jeung manehna. Da teu karasa sakeudeung deui raport kenaekan
kelas teh rek dibagikeun tepatna isukan poe jumaah tanggal 27 Juni 2012.
Isukanana
…..
Poe ieu aya pembagian raport
kenaekan kelas. Abdi diuk sorangan sabari nangguan raport dibagikeun, ujug –
ujug Erna diuk di gigireun abdi.
Erna
nyarios “ Nit, cenah si Ferdi rek pindah sakola ? “
Saur
abdi “ ah nu bener ? “ (abdi ngan bisa cicing,teu ngajawab pananya ti Erna)
Saur
Erna “ Nit? Teu kunanaon pan maneh ? “
Saur
abdi “ henteu Na.” (nahan ceurik)
Saur
Erna “ entos Nit entos, tong sedih ah. Lamun eta bener nya terima we Nit sing
sabar nya
maneh
kudu kuat pan aya abdi nu ngabaturan maneh didieu “
Saur
abdi “ enya Na, nuhun pisan nya nuhuuuun… “ (ngarangkul Erna sabari Ceurik)
Keur
abdi sedih kusabab si Ferdi rek pindah sakola, si Erna aya di gigireun abdi.
Nyemangatan sareng ngahibur abdi keur abdi sedih teh. Da nu ngarana sobat emang
kudu kitu ka sobatna nu keur sedih.
Minggu
ayeuna tos liburan, sobat – sobat abdi ngajakan jalan – jalan ka pantai anyer.
Arurang janjian di hareup sakola pikeun ngomongkeun rencana jalan – jalan eta.
Ceuk
Iwan “ kumaha yeuh ka anyer teh ? rek jadi moal ? “
saur
Ian “ hayu atuh! kudu jadi da liburan ayeuna mah jalan – jalanna! pan ayeuna
libur panjang“
Saur
Erna “ enya pokona mah kudu jadi! “
Saur
Lia “ abdi mah ngiring ngiring wae lah nya … “
(Ata
sareng Ratna mah sibuk pa omong omong saperti biasana ribut unggal poe)
Ceuk
abdi “jadina rek angkat iraha yeuh ka anyerna ? “
Ceuk
Ian “ isukan wae atuh, mbeh tereh nepi nyaa… “
Ceuk
Erna “ heueuh we lah nu penting mah jadi jalan – jalanna “
Ceuk
abdi “ geus we atuh nya isukan didieu jam 5 subuh kudu karumpul kabeh! Eweuh
aya nu telat nyaaa! “
Akhirna saentos diomongkeun jalan –
jalan ka anyerna arurang langsung uih pikeun nyiapkeun barang – barang nu rek
dibawa isukan. Abdi sareng sobat – sobat abdi liburan 3 poe lilana. Diditu
karasa pisan kakeluargianna teh. Kos kaluargi sorangan we eta mah.
16
Juli 2012…..
Teu karasa liburan teh tos beres deui,
ayeuna abdi tos jadi kelas XI nu kudu siap – siap jadi panutan adi – adi kelas.
Dijalan rek ka kantin sareng Erna,
Erna
nyarios “ Nit nit….. tingali eta tingali budak teh kasep pisan nya! “
ceuk
abdi “ mana mana ? (ningali ka tukang) ih enya meni kasep pisaaaan! “
Saur
Erna “ ih abdi jadi reuseup ka manehna! “
Ceuk
abdi “ dasar ah maneh mah, bade abdi salamkeun ka manehna ? “
Saur
Erna “ eh eh ulah ulah atuh isin. Buruan ah yu ka kantin engkin kaburu asup “
Ceuk
abdi “ enya enyaaaa.. “
Keur Erna bungah kusabab reuseup ka
saurang lalaki abdi aya di gigireun manehna. Nya sobat teh lain aya keur
susahna wae tapi aya oge keur anjeun bungah.
Saenggeus
liburan semester kamari,. Ian, Iwan, Ata, Ratna, jeung Lia teh tara katinggali
deui. Hiji – hiji teh sobat abdi laleungitan teu terang kamana. Mulai ti Lia nu
teu terang kamana meni teu katingali pisan. Ujug – ujug leungit kitu we lamun
urang arulin teh manehna sok tara aya. Terus si Ata jeung Ratna saking unggal
poena ribut wae maranehna jadi marales kapanggih jadina tara arulin deui sareng
abdi, Ian, Iwan, jeung Erna. Tos tilu tah sobat – sobat abdi nu laleungitan teu
terang kamana. Ayeuna nu sok ulin tinggal abdi, Erna, Ian, jeung Iwan.
Isukanana….
Dihareupeun kelas Iwan aya lalaki nu
dipikaresep ku si Erna. Manehna keur ngobrol jeung si Iwan. Tos beres maranehna
ngobrol, Erna langsung nyamperkeun si Iwan.
Erna
nyarios “ Wan, eta nu tadi ngobrol jeung maneh teh saha ? “
Ceuk
Iwan “ eta tatangga abdi Na, kunaon emang ? “
Saur
Erna “ ning kasep nya ? hehe “
Ceuk
Iwan “ haha enya we lah abdi mah.. “
Saur
Erna “ saha eta ngarana ? “
Ceuk
Iwan “ eta si Imron, kunaon kitu ? “
Saur
Erna “ ih kaeeep pisaaan Waaan.. “
Ceuk
Iwan “ nya engkin abdi salamkeun deuh ka si Imron! Tos heula nya abdi bade asup
ka
kelas.”
Saur
Erna “ enya Wan, nuhun nyaa “
Ceuk
Iwan “ enyaaa… “
Geuningan
lalaki anu dipikareuseup ku si Erna teh tatanggana si Iwan. Ayeuna Imron jeung
Ian uih bareng wae jadina si Ian osok balik sorangan. Teu terang manehna
ngambek atawa kumaha tapina kosna mah si Ian nagmbek kusabab si Iwan teh tara
uih bareng sareng manehna deui jadi si Ian tara bareng deui sareng si Iwan
kusabab tos gaduh baturan nu sejen.
Ayeuna
tinggal abdi sareng si Erna wungkul nu sok ulin bareng keneh.
Tapi….
Aya
hiji kajadian anu ngajien abdi sareng Erna teh teu deukeut deui jeung abdi.
Kieu caritana…
Keur
eta abdi sareng Erna teh ulin ka bumi si Ina nepi ka peutingna kusabab poho
kana waktu mun awewe tos ngarumpi mah. kusabab isukan teh poe minggu, abdi teh
ngendong we di imahna si Ina kusabab lamun uih ge angkot nu ka bumi abdi tos
teu aya. Atanapi si Erna teh hoyongeun uih, manehna ngajakan abdi uih tapi pan
abdina bade ngendong di bumi si Ina. Jadina abdi teu tiasa uih bareng jeung
manehna.
Poe
senen..
Abdi sareng Erna ngobrol kos biasana
wae, kos nu teu aya nanaon kusabab sangka abdi teh manehna teu ngambek ka abdi.
Tos uih sakola aya sms ti si Erna nu eusina
“
maneh mah ayana keur butuh ka urang wungkul! Lamun urang keur susah we maneh
mah teu ngabantuan abdi. “
Didinya
abdi jadi ngarasa teu geunah hate ka manehna, nepi kapikiran ku abdi ge.
Poe
salasa…
Abdi diuk di korsi saperti biasana
sabari nangguan bel asup. Erna teh datang kos nu biasa wae ka abdi.
Ku
abdi di Tanya “ Na keur kamari teh kunaon ? coba jelaskeun ka abdi ? “
Ceuk
manehna “ teu kunanaon Nit “
Manehna
ngomong teu kunanaon tentang nu keur kamari atanapi keur abdi diuk di korsi
manehna embung aya di gigireun abdi. Nu asalna sakorsi jeung abdi ayeuna jadi
henteu. Ayeuna ge lamun rek ka kantin, menta tulung, menta anterkeun, manehna
tara ngajakan ka abdi pikeun ngabaturan manehna. Abdi jadi ngarasa salah ka
manehna, enya abdi emang salah kusabab keur sobat abdi menta tulung abdi teu
ngabantuan manehna. Nu ngarana soba nya kudu aya keur susah oge henteu aya keur
bungah wungkul.
Didinya
abdi hoyong ceurik, hoyong ngajerit sakenceng kencengna. Sajahat jeung sahina
naon sih abdi teh nepi ka manehna kos kitu?
Abdi
terang pasti manehna ngarasa nyeri hate ka abdi jadina manehna rek ngabales eta
ka abdi. Tapi abdi nyeuri, abdi kecewa kusabab abdi teh lain sobat bisa nyieun
manehna bungah.
Ayeuna
aya nu bisa ngajieun manehna bungah wae, nyaeta Tika sobatna nu anyar meureun.
Meureun ayeuna manehna teu butuh deui ka abdi kusabab ayeuna nanaon teh ka si
Tika wae. Ayeuna duaan wae jeung si Tika lain sareng abdi. Abdi sedih abdi
ngarasas tos dipiceun ku manehna. Ayeuna teu aya deui kembaran abdi, soulmate
abdi nu sok ngabaturan abdi nu sok babarengan jeung abdi. Hiji soulmate nu
berarti pikeun abdi kajeun manehna teu ngaggap abdi deui jadi sobat manehna
kusabab manehna tos gaduh sobat nu anyar nu leuwih bisa ngajieun manehna
bungah.
Kamana
?
Maneh
kamana ?
Maneh
diditu ? lainna sok aya digigireun abdi ?
Eta
nu bisa abdi omong tina hate, meureun eta emang jalan nu kudu abdi jalankeun
ayeuna.
Ayeuna
abdi ngan bisa ngarelakeun soulmate abdi, sobat abdi anu tos gaduh sobat nu
anyar nu leuwih ngarti jeung leuwih bisa ngajieun manehna bungah wae kusabab
waktu nu terus muter ninggalkeun kajadian nu kamari – kamari dijalankeun teu
bisa balik deui ka masa lalu.
Ayeuna
abdi ngan bisa ngomong
“
kamana sobat abdi nu keur baheula? “
Aya
dideukeut abdi…
Aya
digigireun abdi …
Tapi
teu karasa nyawana lamun digigireun abdi
Teu
kos kamari – kamari nu saling ngalengkepan kakurangan nu abdi sareng manehna
gaduh.
perasaan nama gua bukan erna deh? ngakak gua bacanya nda yaawoooh ini kan udah lama banget yaa tragedi kelas 11 :')
ReplyDeletezzzzzzzzzzzzzzzzzzzzzz
ReplyDelete